Hirup di alam dunya teh rupa-rupa kajadian. Sadayana papasangan; aya beurang aya peuting, aya luhur aya handap, aya anyar aya heubeul, aya jero aya luar, aya bodo aya pinter, aya awewe aya lalaki.
Upami ditilik tina pasipatanana geuning lalaki oge rupa-rupa. Aya nu bageur, aya nu galak. Aya deui nu disebut Lalaki Langit Langit Lalanang Jagat. Naon sih hartosna? Upami teu lepat mah eta teh hiji unggelan anu ditujukeun kanggo hiji pameget nu pinuh ku rasa tanggung jawab.Tara jalir kana jangji, rela ngorbankeun sagala anu dipimilik pikeun melaan kasaean. hade wandana, hade semuna, hade dina babasaanana. Lalaki anu ngabogaduhan rasa cinta nu sajati. teu lunca-liunci luncat mulang udar tina tali gadang.
Ngan sesah milarianana lalaki nu sapertos kitu. Di antara sarebu lalaki sigana mah moal aya hiji. Duka oatuh, sakapeung mah sim kuring oge ngarasa bingung. Padahal mah teu sesah mun daek te mah ngalaksanakeun sagala pasipatan tadi. Terutama ngajauhan sifat jalir jangji tur linyok bohong. Terus terang can bisa sim kuring teh jadi lalaki langit lalanang jagat teh. Duka rekan-rekan nu sanes mah. tiasa kitu ????????????????